Minggu, 19 Januari 2014

NGABÉDAKEUN FUNGSI KECAP ‘di’, ’ka’ JEUNG ‘ti’

NGABÉDAKEUN FUNGSI KECAP ‘di’, ’ka’ JEUNG ‘ti’
Ku: Iing Firmansyah



I.  Kecap ‘di’

miboga dua fungsi, di antarana:

1.  Minangka kecap pangantét (préposisi) anu nuduhkeun tampat nu lega.

Conto: di mana, di imah, di lapang, di
kampung, di kota, jsté.

*Nulisna misah.


2.  Minangka rarangkén hareup atawa préfiks (b. Ind; awalan) anu fungsina ngawangun:

a.  kecap pagawéan anu hartina:

-    'kalakuan aktif’: dibaju, digawé, diajar jsté;

-    ‘kalakuan pasif’: dicokot, diala, diomé, dipiceun jsté;

b.  kecap sipat anu hartina:

-   ‘dibéré’: diogo, dipercaya, dihormat, diugung-ugung, dirojong, jsté;

-   ‘kakeunaan’; diancam, dikabul, dijugjug, jsté;

*Nulisna ngahiji.



II.   Kecap ‘ka’

ogé miboga dua fungsi, di antarana:

1.   Minangka kecap pangantét (préposisi) anu nuduhkeun ‘tujuan’ atawa ‘jurusan’.

Conto: ka mana, ka kota, ka pasar, ka sakola, jsté;

*Nulisna misah.


2.   Minangka rarangkén hareup atawa prefiks (b. Ind; awalan) anu fungsina ngawangun:

a.   kecap pagawéan anu hartina:

-    ‘teu dihaja di-....’ : kagéléng, kadupak, katincak jsté;

-    ‘beunang di-....’ : kabawa, kabaca, kahontal, kaudag jsté;

-    ‘anu di....’ : kasebut, kasabit, jsté;

b.   Kecap barang (fungsi nominal) anu hartina:

-    ‘hal anu patali jeung’ : kabisa, kasakit, kamampuh;

-    ‘hal nu dipi....’: kadeudeuh, kanyaah, kaasih, kangéwa;

c.   Kecap sipat anu hartina:

-    ‘kakeunaan’ : kapincut, katohyan, kagagas;

-    ‘bisa di....’ : katénjo, kaerong, kaampeuh;

-    ‘teu dihaja di...’ : kakeueum, katajong, kapaksa, kadupak jsté;

d.   Kecap bilangan (fungsi numeral) nu hartina ‘tahapan’ jeung ‘bagian’ : kahiji,kadua, katilu, jsté.

*Nulisna ngahiji


III.  Kecap ‘ti’

miboga sababaraha fungsi:

1.   Minangka kecap pangantét (préposisi)

Conto: ti mana, ti pasar, ti kota, ti kantor


2.   Robahan tina ‘di’ anu hartina waktu.

Conto: ti peuting, ti beurang, ti jam opat

*Nulisna misah.

3.   Rarangkén hareup.

a.   Kecap pagawéan nu hartina; kalakuan teu dihaja.

Conto: tidagor, titajong,  jsté.

b.   Kecap sipat nu hartina:

-    aya dina kaayaan.

Conto: tikudawet, tigebrus

-    teu dihaja.

Conto: tibeubeut, tikusruk, jsté.

c.   Robahan tina kecap tai.

Conto: tikotok, tihiang

*Nulisna ngahiji



Catetan: Teu kudu
bingung ku nengetan babagéan fungsina, nu penting cara nulisna. Naha kudu
dihijikeun jeung kecap satutasna atawa dipisahkeun. 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar