Minggu, 19 Januari 2014

Rupa-Rupa Seuri

RUPA-RUPA SEURI
Ku: Iing Firmansyah

Seuri -> lemesna gumujeng --> ngedalkeun rasa suka, bungah atawa resep, ku sora ngahahah, ngehkey, jste.
Seuseurian --> seuri lila.
Nyeungseurikeun --> seuri ditujukeun ka nu kalakuanana teu psrok jeung batur.
Ngajak seuri -->seuri bari nyanghareup ka batur jeung némbongkeun budi marahmay.
Seuri konéng = seuri maur --> (kecap-kecapan), seuri bari rada éra atawa nyeri, upamana tas ceurik atawa tas ambek.
Seuri leutik --> seuri ditahan atawa seuri jero haté.
Nyalakatak --> seuri ngeunah sarta bedas ngagakgak.
Nyéréngéh --> seuri teu nyoara tapi némbongkeun huntu.
Héhéh,  ngahéhéh atawa ngahihih --> seuri ditahan.
Gikgik, ngagikgik --> seuri ditaha
Heuheuy atawa heuheuy deuh --> kantétan pikeun ngageuhgeuykeun omongan batur.

Imut -> lemesna mésem --> seuri leutik, seuri ukur ku kunyemna biwir, henteu nyoara.
Imut kanjut --> imut ku cara ngariutkeun biwir.
Imut ngagelenyu --> imut rada lila lantaran kayungyun ku polah batur.
Kéom atawa kényom --> imut rada ka gigir biwirna.

1 komentar: